Back

ⓘ Budaya - Budaya, Institut Seni Budaya Indonésia Bandung, Kapangurusan Bareng Kasenian jeung Budaya Turk, Cagar Budaya Ciung Wanara, Kabudayaan Sunda, Animisme ..




                                               

Budaya

Budaya asalna tina basa Sansekerta nyaéta buddhayah, nu mangrupa wangun jamak tina buddhi dihartikeun minangka hal-hal nu aya pakaitna jeung budi ogé akal manusa. Dina basa Inggris, kabudayaan disebut culture, nu asalna tina kecap Latin" Colere’, nyaéta ngolah atawa ngerjakeun. Bisa dihartikeun ogé minangka ngolah taneuh atawa tatanén. Kecap culture ogé bisa dihartikeun minangka" kultur” dina basa Indonesia.

                                               

Institut Seni Budaya Indonésia Bandung

Institut Seni Budaya Indonesia Bandung nyaéta salah sahiji paguron luhur nagri anu aya di kota Bandung, Jawa Kulon. ISBI Bandung ngayakeun atikan dina program Vokasi, Sarjana, jeung Pascasarjana di bidang seni jeung budaya. ISBI diadegkeun taun 1968 ku pamaréntah Kota Bandung dina ngaran Konservatori Tari. ISBI Bandung miboga opat fakultas jeung 11 jurusan.

                                               

Kapangurusan Bareng Kasenian jeung Budaya Turk

Kapangurusan Bareng Kasenian jeung Budaya Turk nyaéta hiji organisasi kabudayaan internasional nagara-nagara kalawan populasi Turk, maké basa nu asup ka rungkun basa Turk.

                                               

Cagar Budaya Ciung Wanara

Cagar Budaya Ciung Wanara mangrupa titinggal puseur dayeuh Karajaan Galuh Pusaka anu dikukuhkeun ku Permanadikusumah. Di ieu tempat aya titinggal ti legénda Ciung Wanara salah saurang putra Permanadikusumah. Di dieu ogé dibangun Goong Perdamaian Dunia minangka lambang tali duduluran, perdamaian jeung alam.

                                               

Kabudayaan Sunda

Saban bangsa mibanda étos, kultur, sarta budaya anu béda. Tapi tong anéh lamun aya bangsa anu boga kahayang pikeun melakeun étos budayana ka bangsa séjén, alatan nyangka yén etos sarta kultur budaya mibanda kaonjoyan. Kabiasaan ieu kasampak dina étos sarta kultur budaya bangsa urang, alatan dina sawatara dékadeu geus kahébos ku budaya bangsa séjén. Arus modernisasi ngagempur budaya nasional urang anu jadi jati diri bangsa. Budaya nasional kiwari kasampak pohara kuna, komo aya generasi ngora anu éra diajarna, pangabisa ngawasa kasenian tradisional dianggap teu méré mangpaat. Rasa bangsa beu ...

                                               

Program Studi Magister Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda

nyaéta program studi munggaran di Nusantara anu nyantumkeun basa daérah minangka ngaran prodi dina tingkat magister. Ieu prodi dimimitian ku ayana Surat Persetujuan di Senat Akademik nomer 070/Senat Akd/UPI-TU/VI2008 tanggal 23 Juni 2008 anu dituturkeun ku turunna SK Réktor UPI nomer 4362/H40/PP/2008 tanggal 23 Juli 2008.

                                               

Kabupatén Cilacap

Kabupatén Cilacap mangrupa salah sahiji kabupatén di Propinsi Jawa Tengah, Indonésia. Ibukotana nyaéta Cilacap. Kabupaten Cilacap perenahna di wates Propinsi Jawa Barat Sunda jeung Jawa Tengah. Malahan sawaréh daérah Jawa Tengah kabudayaanna milu ka Jawa Barat, taya lian Kacamatan Wanareja, Dayeuhluhur jeung Majenang. Ibing Jaipong Calung Banyumasan kaasup ciri mandiri seni ti Kabupatén Cilacap. Tayalian Susilo Sudarman Alm nu ngokojoanna kasenian asli Banyumas ieu, mangsa ngadegkeun Serulingma akronim tina S eruan Eling Banyumas.

                                               

Wangenan Budaya

Wangenan budaya numutkeun sababaraha ahli, di antarana: 1.Edward B. Taylor Kabudayaan mangrupa sagala perkara anu kompleks, anu dijerona aya pangaweruh, kapercayaan, kasenian, moral, hukum, adat istiadat, sarta kamampuh- kamampuh séjén anu dipibanda ku hiji jalma minangka anggota masarakat. 2.M. Jacobs dan B.J. Stern Kabudayaan ngawengku sakabéh perkara ngawengku wangun téknologi sosial, idéologi, réligi, kasenian sarta banda pakaya, anu kakabéhanana mangrupa warisan sosial. 3.Koentjaraningrat Kabudayaan nyaéta sakabéh sistem alpukah, tindakan, sarta hasil karya manusa dina raraga kahirupa ...

                                               

Kabudayaan

Kabudayaan asalna tina basa Sanskerta buddhayyah nyaéta bentuk jamak tina buddhi nu hartina "budi" atawa "akal". Sedengkeun harti kabudayaan éta sorangan numutkeun Prof. Dr. Selo Soemardjan jeung Dr. Soelaeman Soemardi,nyaéta hasil karya, rasa, jeung cipta masarakat. Kabudayaan téh mangrupa hasil diajar nu gumantung kana mekarna kamampuh manusa nu unik dina ngamangpaatkeun simbol, isarah nu euweuh paksaanna atawa hubungan alamiah dina hal - hal nu ku maranéhna pertahankeun. Unsur - unsur kabudayaan: 1. sistem religi jeung upacara kaagamaan 2. Sistem jeung organisasi kamasarakatan 3. sistem ...

                                               

Akulturasi

Akulturasi nyaéta hiji prosés nu aya patalina jeung masarakat nu mucunghul lamun hiji bubuhan manusa nu mibanda kabudayaan tinangtu disanghareupkeun kana unsur tina kabudayaan séjén. Kabudayaan séjén éta laun-laun bakal ditarima jeung diolah kana jeroeun kabudayaanana sorangan kalayan henteu nyababkeun leungitna unsur kabudayaan bubuhan éta sorangan. Conto akulturasi: budaya rap ti nagara deungeun dihijikeun jeung basa Jawa, mucunghul rap maké basa Jawa. Ieu kajadian dina acara Simfoni Semesta Raya.

                                               

Animisme

Animisme nyaéta hawa, napas, roh. Dihartikeun minangka hiji kayakinan yén unggal barang anu aya di dunya ieu ngabogaan nyawa. Dikaitkeun jeung kapercayaan, hususna masarakat primitif. Animisme dianggap salah sahiji kapercayaan anu ngamulyakeun, nyembah kana barang-barang anu aya di dunya. Dina hubungan ieu Tylor mére kamandang nyéta agama dina dasarna mekar ngaliwatan animisme. Dina istilah sején nyaéta dinamisme anu nyebutkeun yén kakuatan roh téh bisa mangaruhan kana kahirupan manusa, boh mangrupa hasil atawa kagagalan. Salaku rékaman kahirupan dina mangsa baheula, boh sacara tersirat bo ...

                                               

Bagawan

Bagawan atawa Bhagawan; nyaéta hiji gelar pangajén anu dibikeun ka saurang kokolot spiritual di Bali. Di Sri Lanka nyebutna Bhagawatan taya lian sebutan pikeun Buddha ku nungagem ageman Buddha.Di India kalér nyebutna Bhagawan ogé mibanda hiji konsep abstrak pikeun pangéran sesembahan ageman Hindu anu taat dina ngamalkeun ageman kalawan dina prakna téh henteu nyembah salah sahiji Déwa anu tangtu. Bagawan ogé nunjul kana hiji gelar pikeun pandita atawa pertapa, taya lian jalma anu meunang kabagjaan mulia, suci. Dina widang ékonomi ogé aya istilah bagawan, taya lian pikeun nyebut ka saurang j ...

                                               

Batawi

Pikeun kagunaan séjén tina Betawi disambiguation, tempo Betawi disambiguation disambiguasi. Batawi nyaéta hiji séké sélér / étnis bangsa Indonesia utamana anu nyicingan dayeuh Jakarta jeung sabudeureuna. Etnis Batawi geus aya ti jaman batu kénéh maranéhna mangrupa campuran tina sababaraha etnis urang Indonesia saperti: Jawa, Sunda, jeung Madura, kecap Batawi geus kapanggih mangsa abad ka 15 dina Babad Tanah Jawa. Cenah aya ogé anu nyebutkeun Batawi téh hartina jalma anu nyicingan kota Batavia, ari Batavia téh ngaran anu disebut pikeun dayeuh Jakarta mangsa jaman kolonial taya lian abad ka 17.

                                               

Guha Ranggawulung

Guha Ranggawulung nyaéta guha anu aya di kampung Samawa Dusun Nagaracina Desa Setiawaras Kacamatan Cibalong. Ieu guha remen didatangan ku peziarah kalayan niat husus, utamana dina bulan Mulud jeung Romadhon dina unggal taunna. Guha anu rohangan hareupna kawilang gede ieu, disakralkeun pisan ku warga masarakat di sabudeureunna, ku kituna kaasrian katut kaendahnna ogé ka jaga pisan. Ieu guha mibanda dua undakan, lulurung luhur anu legana kurang leuwih 75 meter, biasa digunakeun pikeun ritual tapa, dina ieu rohang aya stalactite anu has jeung unik kayaning wangun wayang golek anu ngajajar, an ...

                                               

Mandala

Mandala Aks. Sunda:ᮙᮔ᮪ᮓᮜasalna tina basa Sansekerta मण्डल nu hartina nyaéta lingkaran. Mandala di dieu ogé artina puseur jeung nu ngurilingan. Mandala nyaéta dunya puseur, wilayahna nu watesna jelas kadefinisikeun.

                                               

Mitos

Mitos sok dipatalikeun jeung mite. Bener ceuk, sacara historis duanana mekar ti istilah nu sarua nyaéta nuthos, nu artina kecap, ujaran, tapi dina teori kontemporer, tapi sanggeus diserep kana sastra Indonesia dua kecap éta miboga harti nu beda. Mitos nyaéta carita, wiracarita, plot, struktur dasar nu ngahasilkeun makna, sadengkeun mite nyaéta dongeng ngeunaan para déwa, alam gaib nu séjénna, siga: Nyi Lara Kidul, Aji Saka jeung sajabana. Mite boga sipat khayalan, sadengkeun mitos mangrupa kanyataan. Dina sastra, mite salaku khayalan nu dipasalingsingkeun jeung kanyataan nu sabenerna, sade ...

                                               

Mnemonic

Mnemonic nyaéta salaku istilah menemonic asalna tina Dewi Yunani kuno Menmosyne, dewa memori. Memori dianggap salaku pangabisa mental kolot dina sejarah kahirupan manusa. Istilah mnemonic tos umum diwanoh dina ilmu matematika, malah mah ku rupa téknik, sapertos: imajinasi, asosiasi, lokasi kata kunci, irama, akronim, akrostik, jeung sajabana. Dina kahirupan sapopoe mineng ogé disebut titian kata atawa jembatan keledai kawas cara-cara jeker nginget keun warna pelangi. Dina kajian sastra heubeul istilah mnemonic nu sok dipaké ku babarengan ku formula. Boh formula atawa mnemonic dianggap sala ...

                                               

Ménak

Ménak nyaéta sebutan pikeun jalma anu pangkatna luhur, anu boga gelar paling handapna Radén di jaman Walanda. Menak ogé sebutan ka sékésélér Bupati-bupati Sunda anu medal sabada Karajaan Sunda bubar, ieu Bupati-bupati téh lain Raja sanyatana sanajan kitu dina konsép pribumi kalungguhanna disaruakeun jeung Raja. Panggih jeung menak kudu rengkuh, mun pareng keur udud kudu dipiceun, lamun surutu cukup dicekel waé ulah di gegel baé, dimana geus deukeut brek diuk rada ngijing madep ka ménak tawis tanda narima.

                                               

Nyuguh Mulud

Nyuguh Mulud nyaéta ritual anu maneuh dilaksanakeun dina poé Jumaah minggu kahiji bulan Mulud atawa lamun dina Taun Hijriah disebut Rabiul awwal. Kaasup wewengkon Désa Dukuhmaja Kecamatan Luragung Kabupaten Kuningan Provisi Jawa Barat. Ieu tempatna di wewengkon Cireundeu nyaéta patilasan Buyut Ratu Pakuan. Saméméhna ritual nyuguh téh dilaksanakeun ku Desa Luragung landeuh lantaran pamekaran mimiti taun 1983 di Désa Dukuhmaja. Kagiatan anu maneuh tiap taun miboga kasang tukang carita rahayat anu sumebar ngaliwatan lisan di wewengkon Luragung.

                                               

Pacilingan

Pacilingan nyaéta jamban tempat miceun atawa kakus nu wanguna basajan. Tempatna dijieun luhureun balong atawa kamalir, bahanna tina awi boh tihang kitu deui pipindingna. Luhurna bolongor kitu baé henteu ieuh maké hateup atawa panutup. Pacilingan mah dipaké ku balaréa atawa bisa saha waé anu kaparengan perlu, henteu kudu nu bogana atawa pangeusi imah-imah anu aya disabudeureuna. Utamana di daérah Jawa Barat, pacilingan ngahaja dijieun luhureun balong maksudna, sakalian pikeun maraban lauk-lauk anu aya di éta balong tina kokotor anu dipiceun di pacilingan. Sanajan ayana di luhureun balong, p ...

                                               

Pamali

Pamali nyaéta larangan sepuh urang anu maksudna teu meunang ngalakukeun hiji pagawéan lantaran sok aya matakna, upamana lalaki teu meunang nyekel asiwung, matak peluh; teu meunang ngomé béas, bisi dijual ka toa; nu keur reuneuh teu meunag ngadahar intip, bisi bali orok kaluarna hésé; nu keur reuneuh teu meunang ngadahar tutut, bisi tunduh dina waktu keur ngalahirkeun. Dina kamus ieu, kecap pamali dipatalikeun jeung kecap pahing, buyut, kapamalian, palangan, pantrang, jeung cadu

                                               

Paninggaran

Paninggaran ; tukang moro nyaéta hiji pakasaban atawa profési kana moro sasatoan liar maké pakarang bedil atawa panah. Sato anu diborona tayalian sato liar di leuweung kayaning manuk, uncal, mencek, jeung réa-réa deui. Kiwari paninggaran geus mangrupa hiji kagiatan nyalurkeun pangaresep, anu saméméhna jadi hiji pakasaban pikeun nedunan pangabutuh sapopoé. Paninggaran geus aya ti baheula kénéh, keur jaman kolonial Walanda saurang paninggaran anu asup ka leuweung kudu meunang ijin heula ti résidén jeung pangawas leuweung di éta tempat. Jadi henteu sagawayah jalma bisa kaluar asup leuweung, k ...

                                               

Peradaban Maya

Peradaban Maya ; Chichén Itzá nyaéta hiji peradaban nu perenahna di Mesoamerika diwangun ku suku bangsa Maya. Tininggalna aya kénéh nepika kiwari, tayalian hiji komplék wangunan nu pinuh ku sajarah suku bangsa Maya nu perenahna di Semenanjung Yucatan. di dieu aya sababaraha wangunan penting nu dipercaya baheulana jadi puseur kagiatan pamaréntahan, pulitik sarta ékonomi, Piramida Kukulcan, Candi Chac Mool, sarta wangunan sarebu tihang.

                                               

Reog dongkol

Réog dongkol mangrupa kasenian ti luluhur orang Sunda anu di gelarkeun di masyarakat Kota Banjar. Keur harita, réog dongkol nyaéta di jadikeun alat hiburan saentas ngalaksanakeun panen. Bangsa Patani karumpul di tempat anu ges di tangtukeun sambari hareureuy. Dina kagiatan éta biasana sok diiringan ku tatabuhan anu miboga irama. Sairingna waktu, kagiatan ieu sok di sampurnakeun jeung alat kasenian dogdog, angklung jeung gong. Saluyu jeung zaman jeung kréativitas manusa, kasenian réog henteu waé ngagunakeun waditra dogdog aya ogé anu ngagunakeun lodong jeung kohkol. Wangeunan dongkol sorang ...

                                               

Roti buaya

Roti buaya nyaéta roti anu wujudna kawas buaya anu dibawa mangsa upacara sésérahan ti pangantén lalaki ka imah panganten awéwé, utamana dina upacara adat kawinan urang Batawi. Roti buaya anu dibawa téh sapasang jalu jeung bikang, nu mangrupa hiji perlambang kasatiaan. Ieu roti henteu mibanda rasa tur taya katangtuan dina rasa, wujudna kawas buaya kalawan mibanda ciri-ciri anu tangtu. Aya ogé nu nyebutkeun cenah, ieu roti téh minangka perlambang kasabaran jeung kasatian. Ilaharna roti buaya dijieun papaés mangsa upaca kawinan, ditunda dina baki anu dipapaés ku kertas warna warni. Gedé jeung ...

                                               

Seni Bebegig

Seni Bebegig nyaéta penjaga alam sakuliring. Bebegig téh mimiti kasohorna di palihan Kaler Desa Sukamantri, nyaéta Tawang Gantung, ti bukit anu sok dianggap keramat ku masyarakat. Lembur ie dianggap ku masyarakat satempat dipercaya tilas karajaan anu di piboga ku Prabu Sampulur anu kasohor sakti jeung pinter. anu ngadogaan luas kira-kira 3.5 ha, jeung luhurna 950 M DPL jeung kaasup leweng kalu lain. Lembur kawas nu diluhur mah moal kapanggih di lembur batur, di handap aya lereng terjal anu disebut ku masyarakat dengan nama Panggeleseran. Di handap Penggelesaran aya walungan anu cainateh me ...

                                               

Situs Gunung Susuru

Situs Gunung Susuru nyaéta situs anu biasa disebut situs Pasir Susuru atawa situs Bojong Susuru. Sabenerna éta tempat téh leuwih pantesna mah disebut pasir batan gunung, tapi ku lantaran babasaan masarakat geus napel ti ratusan taun ka tukang, nya nepi ka kiwari ilahar disebut Gunung Susuru. Susuru hartina tutuwuhan anu sok dipelak sisi pager, tangkalna juru tilu, jeung cucukan, daunna laleutik, di jerona juuh ku geutah. Ceuk béja, éta tangkal susuru téh baheulana jadi tutuwuhan hiasan karaton Galuh Kertabumi, atawa hiasan pager karaton. Dingaranan Gunung Susuru téh lantaran baheulana loba ...

                                               

Tradisi

Tradisi nyaéta sagala rupa barang jeung gagasan anu asalna ti jaman baheula ngan masih kénéh hirup nepi ka kiwari. Leuwih hususna, tradisi téh prosés ngawariskeun norma-norma, adat istiadat, kaidah-kaidah, jeung harta banda anu bisa dirobah, ditolak, jeung diadumaniskeun dumasar kana paripolah manusa harita. Wangun tradisi téh bisa pangaweruh, doktrin, kabiasaan, prakték, jeung sajabana anu diwariskeun sacara turun-tinurun kalawan cara ngalaksanakeunana.

                                               

Tradisi lisan

Tradisi lisan téh nyaéta sakabéh wacana atawa katerangan lisan ngeunaan kajadian baheula anu lumaku di masarakat jeung ditransmisi dina ruang waktu ku ayana ujaran jeung tindakan. Istilah tradisi lisan minangka tarjamahan tina basa Inggris oral tradition. Konsép wangenanana ampir sarua jeung folklor, bédana dina unsur-unsur anu ditransmisi sacara lisan. Saluyu jeung istilahna tradisi lisan oral tradition nyaéta kabiasaan-kabiasaan nu lumangsung dina kahirupan sapopoé, ti jaman baheula nepi ka ayeuna, ditepikeun sacara lisan. Salaku istilah, leuwih jero patalina jeung masarakat tradisional, ...

                                               

Urang Trunyan

Urang Trunyan nyaéta salah sahiji kelompok séké sélér nu aya di pulo Bali. Urang Trunyan disawang kurang kapangaruhan ku kabudayaan Jawa Hindu Majapahit jeung agama Hindu Dharma. Lokasi nu disawang salaku wewengkon asli urang Trunyan nyaéta di pasisian setu Batur.

                                               

Uyeg

Uyeg ceuk katerangan salasahiji mantan pupuhu pamungkas ti uyeg lama, asal-usul lahirna uyeg téh geus aya ti zaman karuhun para bangsawan Bogor. Katerangan sejen ti salasahiji tokoh Pajararan Bogor, kasenian uyeg sok ditampilkeun dina upacara "Seuren Tahun Tutug Galur" di Pakwan Pajajaran, dijadikeun salasahiji upacara ngaagungkeun Ambu Sri Rumbiang Jati jeung Sang Rama Hyang Guru Bumi. Dilaksanakeun nana dina waktu malem purnama, salila dalapan poe. Saacan dimimitian ku kagiatan upacara Gondang pupulur, Gondang babalar, Gondang papag pasang, Gondang matuh dumuk. Uyeg mangrupakeun hiji wan ...

                                     

ⓘ Budaya

  • Budaya asalna tina basa Sansekerta nyaéta buddhayah, nu mangrupa wangun jamak tina buddhi budi atawa akal dihartikeun minangka hal - hal nu aya pakaitna
  • Institut Seni Budaya Indonesia Bandung disingget ISBI Bandung nyaéta salah sahiji paguron luhur nagri anu aya di kota Bandung, Jawa Kulon. ISBI Bandung
  • Kapangurusan Bareng Kasenian jeung Budaya Turk Basa Turki: Uluslararası Türk Kültürü Teskilatı - Türksoy nyaéta hiji organisasi kabudayaan internasional
  • Cagar Budaya Ciung Wanara mangrupa titinggal puseur dayeuh Karajaan Galuh Pusaka anu dikukuhkeun ku Permanadikusumah. Di ieu tempat aya titinggal ti legénda
  • nyaéta sagala rupa hal anu aya hubunganna jeung budaya Sunda. Saban bangsa mibanda étos, kultur, sarta budaya anu béda. Tapi tong anéh lamun aya bangsa anu
  • SMAS Budaya Jakarta nyaéta Sakola Menengah Atas Swasta anu aya di Kota Jakarta Timur. Alamat lengkepna di Jl. Dermaga Baru Klender, Kalurahan Désa Klender
  • SMKS Budaya Jakarta nyaéta Sakola Menengah Kajuruan Swasta anu aya di Kota Jakarta Timur. Alamat lengkepna di Jl. Dermaga Baru No. 48, Kalurahan Désa Klender
  • sumber daya manusa dina widang atikan basa jeung budaya Sunda. Ngahasilkeun tanaga atikan basa jeung budaya Sunda anu profésional di rupaning tingkatan jenjang
  • Cilacap mibanda dua budaya nyaéta budaya Sunda jeung budaya jawa Gambar: Sedekahketupat.jpg Sidekah Kupat, salah sahiji budaya tinggalan karuhun Sunda
  • Sri Budaya nyaéta salah sahiji Désa di kacamatan Way Seputih, Kabupatén Lampung Tengah, Propinsi Sumatra Kalér, Indonésia. Citakan: Way Seputih, Lampung
  • 5 Juli - Pamilihan présidén Indonésia 28 Agustus - Gelar Budaya jeung Wisata Kontémplatif NYIAR LUMAR 4 Situs Astana Gedé Kawali 26 Désémber - Tsunami
                                               

SMAS Budaya Jakarta

SMAS Budaya Jakarta nyaéta Sakola Menengah Atas Swasta anu aya di Kota Jakarta Timur. Alamat lengkepna di Jl. Dermaga Baru Klender, Kalurahan/Désa Klender Kacamatan Duren Sawit, Jakarta Timur, DKI Jakarta, kalawan nomor NPSN 20103218.

                                               

SMKS Budaya Jakarta

SMKS Budaya Jakarta nyaéta Sakola Menengah Kajuruan Swasta anu aya di Kota Jakarta Timur. Alamat lengkepna di Jl. Dermaga Baru No. 48, Kalurahan/Désa Klender Kacamatan Duren Sawit, Jakarta Timur, DKI Jakarta, kalawan nomor NPSN 20103696.

                                               

Sri Budaya, Way Seputih, Lampung Tengah

Sri Budaya nyaéta salah sahiji Désa di kacamatan Way Seputih, Kabupatén Lampung Tengah, Propinsi Sumatra Kalér, Indonésia. Citakan:Way Seputih, Lampung Tengah

                                               

2004

28 Agustus - Gelar Budaya jeung Wisata Kontémplatif NYIAR LUMAR 4 Situs Astana Gedé Kawali 5 Juli - Pamilihan présidén Indonésia 26 Désémber - Tsunami, Acéh

Semana Santa
                                               

Semana Santa

Pradjoko, Didik 14-16 Nopember 2006. Perebutan Pulau dan Laut: Portugis, Belanda, dan Kekuatan Pribumi di Laut Sawu Abad XVII-XIX Makalah Seminar. Konferensi Nasional Sejarah VIII Direktorat Jenderal Sejarah dan Purbakala Departemen Kebudayaan dan Pariwisata.

Users also searched:

...
...
...